Istilah dina olahraga badminton lesmen bahasa sunda artinya
B. Daerah
Fafa5880
Pertanyaan
Istilah dina olahraga badminton lesmen bahasa sunda artinya
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Istilah lesmen anu sok disebut ku urang Sunda dina olahraga badminton, hartina nyaeta hakim garis. Kecap lesmen asalna tina "linesman". Kusabab sadenge-denge, eta kecap "linesman" teh ku urang Sunda mah disebutna "lesmen". Badminton mangrupakeun salahsahiji widang olahraga anu dipikaresep ku urang Sunda, boh dikampung boh dikota, nepika aya lagu atawa kawih anu judulna Badminton. Kawih badminton teh diciptakeun ku Mang Koko, anu dinyanyikeun jeung dipopulerkeun ku Benyamin S.
Dina kawih Badminton teh aya istilah-istilah olahraga badminton lianna anu disebut "sadenge-denge", saperti kok hartina nyaeta bal anu digunakeun pikeun maen badminton, asalna tina istilah "shuttle cock". Reket hartina nyaeta alat pikeun nakol kok dina maen badminton, asalna tina kecap "racket". Net hartina nyaeta jaring anu digunakeun pikeun maen badminton. Semes hartina nyaeta nakol kok satarikna nepi ka nyirorod ka handap, asal kecapna tina "smash". Lob hartina nyaeta nakol kok anu ngapung ka luhur, sarta bekhen hartina nyaeta nakol kok ti beulah gigir.