Ciri-ciri rarakitan,paparikan,jeung wawangsalan dalam bahasa sunda?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Ciri ciri rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan nyaeta poko anu dibahas di handap ieu. Rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan mangrupakeun rupa-rupa wangun puisi anu aya dina hiji puisi Sunda, nyaeta anu disebut sisindiran. Umpama dina sastra Indonesia, sisindiran sarua atawa sarupa jeung pantun.
Aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu esina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti carita pantun jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, mantra, guguritan, jeung sajak.
Pembahasan
Saperti disebutkeun di luhur, dina puisi Sunda oge aya anu disebut carita pantun. Tapi carita pantun anu aya dina puisi Sunda beda jeung pantun anu ayan dina sastra Indonesia atawa sisindiran anu aya dina puisi Sunda. Carita pantun nyaeta wangun puisi anu eusina mangrupa carita. Sedengkeun pantun anu aya dina sastra Sunda atawa sisindiran anu aya dina puisi Sunda nyaeta wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Di handap ieu nyaeta ciri-ciri sisindiran rarakitan, paparikan jeung wawangsalan:
- Umpama ditilik tina maksud atawa eusi rarakitan, paparikan jeung wawangsalan, aya anu eusina mangrupa piwuruk, aya anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
- Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan.
- Dina unggal padalisan rarakitan, paparikan jeung wawangsalan biasana aya dalapan engang atawa suku kata.
- Dina sisindiran aya bagean anu disebut "cangkang" jeung aya bagean anu disebut "eusi". Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupakeun cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan padalisan kahiji mangrupakeun cangkang jeung padalisan kadua mangrupakeun eusi.
- Rarakitan jeung paparikan miboga wangun kekecapan anu ampir sarua. Anu ngabedakeun rarakitan jeung paparikan nyaeta yen dina rarakitan mah aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji jeung padalisan kadua anu diulang deui dina padalisan katilu jeung padalisan kaopat. Sedengkeun dina paparikan mah teu aya ulangan saperti dina rarakitan.
- Dina rarakitan jeung paparikan tungtung engang padalisan kahiji murwakanti jeung tungtung engang padalisan katilu, sarta tungtung engang padalisan kadua murwakanti jeung tungtung engang padalisan kaopat. Sedengkeun dina wawangsalan mah kecap anu murwakantina aya dina wangsalna.
Pelajari lebih lanjut
- Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
- Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
- Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran
Bab : 4
Kode : 8.13.4
Kata Kunci : Ciri ciri rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan